Orok Mahal*)
Carpon Neng Yayas Ismayati
Tuur ngadegdeg, leungeun ngeleper, kesang badag kesang lembut ngucur tina ubun-ubun. Test pack dina ramo ngilu ngageter. Kuring teu nyangka. Mang taun-taun nungguan anugerah ieu teh.
”Kumaha, Neng?” sora salaki dina tungtung henpon sarua ngageter nungguan jawaban kuring.
“Garis dua, Kang,” jawab kuring singket.
“Alhamdulillah, Ya Alloh ...,” kadenge tarik sora salaki ngucapkeun sukur. Kuring teu wasa neruskeun sambungan telepon. Nyegruk nyuuh sujud sukur ka Alloh SWT.
Lain beja lain bohong, kuring ngalaman sagala rupa cocoba ngeunaan kahayang boga budak teh. Ti mimiti nyanghareupan pananya nu nanyakeun geus sabaraha taun rarabi, geus boga budak sabara hiji, geus dipariksa ka dokter acan, geus nyobaan terapi jeruk nipis, terapi lauk, terapi itu ieu ... nepi ka omongan sindir sampir geus wareg pisan. Ah cindekna mah geus lieur ku pananya-pananya eta. Da lain euweuh usaha atuh kuring jeung salaki oge. Rarasaan mah sagala ikhtiar nu dirasa asup akal geus dilaksanakeun. Dokter nyatakeun hasil pamariksaan yen kuring jeung salaki euweuh masalah dina organ reproduksi masing-masing. Kuring jeung salaki tinggal sabarna, cenah. Nya da dihayang-hayang sakumaha oge meureun moal kaalaman ari Nu Kawasa can mere kapercayaan mah, kitu we kayakinan kuring jeung salaki teh.
Nepi ka ampir taun ka sabelas kuring rarabi, salaki boga proyek pagawean di luar kota anu maksa kuring jeung manehna pajauh samentara waktu. Dina mangsa ieu geuning anugerah teh datang. Kuring hamil. Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas. Bagjana kabina-bina.
Kuring teu sabar hayang geura mastikeun kahamilan ku dokter. Sapanjang poe di sakola ngajar dua kelas, hate mah morejengga. Kahayang mah geura bebeja ka sobat dalit kuring, tapi kuring hayang pasti heula. Akhirna jam ngajar beres. Saanggeus beres ngabsen pulang, ngadius kanu motor kageugeut kuring ngajugjug tempat praktek bidan senior nu lumayan deukeut ti imah jeung sakola kuring.
“Punten, Bu, ningali yuswa ibu anu tos lebet kana kriteria resiko tinggi kanggo nembean ngalahirkeun, saena mangga teraskeun pamariosan ka dokter spesialis kandungan wae,” sanggem Bu Bidan Ida ngagetkeun kuring.
Deg. Ratug jajantung. Ngadadak beungeut asa panas, ceuli asa ngajelenging. Naha enya kitu?
“Oh, kitu, Bu Bidan, tapi janin abdi teu sawios-wios?” karek kuring bisa nanya.
“Teu sawios, mung kanggo mastikeun kedah di USG teras dipantau ku dokter spesialis, hapunten pisan. Ieu teh orok mahal, Bu” ceuk Bu Bidan.
“Maksadna?” tanya kuring teu ngarti.
“Muhun, Bu, aya istilah orok mahal pami kajantenan sapertos ibu. Kehamilan pertama ibu hamil tos langkung ti tilu puluh lima taun janten momen mahal, tah orokna katelah orok mahal,” Bu Bidan ngajelaskeun bari imut.
Aya gurat sedih na hate, tapi kuring yakin, Alloh mere kabagjaan ka kuring, jadi kuring kudu ikhtiar ngajaga kapercaan eta. Teu miceun waktu kuring tuluy ngajugjug ka tempat praktek dokter spesialis nu buka sore. Alhamdulillah teu pati loba pasen. Kuring tuluy dipariksa.
“Wilujeng, Bu, janin Ibu yuswana tos lima minggu,” saur Bu Dokter Sri bari imut.
“Alhamdulillah, Bu Dokter, mung kumaha abdi ngajagina Bu? Yuswa tos teu anom deui,” ceuk kuring bari dareuda.
“Teu kedah salempang, nu yuswana saluhureun ibu seueur nu salamet ngalahirkeun putra kahiji. Jagi barang tuang, aktipitas, sareng leueut vitaminna kade hilap. Salajengna diparios rutin sasasih sakali. Insyaalloh sehat salamet sareng lancar dugi ka ngalahirkeun,” jawab Bu Dokter Sri panjang lebar.
“Aamiin,” jawab kuring gede hate.
“Tapi, Bu, saurna seueur resiko kana kahamilan abdi teh,” kuring keukeuh hariwang.
“Pami resiko mah aya wae Bu, dina tiap kahamilan oge. Insyaalloh teu kedah seueur emutan,” saur Bu Dokter Sri leuleuy.
Ti harita kuring sumanget nyandang kahamilan ieu. Sobat-sobat dalit kuring sarumanget ngajagaan kaperluan kuring sabab adang-kadang lamun keur kapikiran masalah resiko kahamilan, kuring curhat ka maranehna. Ditambah kuring jauh ti salaki jeung indung bapa, mun keur nyorangan sok ngarasa kasepian.
“Duh, Bu Naya, alhamdulillah nya, ahirna hamil oge. Jarang-jarang nu tos umuran jiga Bu Naya tiasa hamil,” ceuk Bu Tati hiji mangsa.
“Alhamdulillah, Bu, neda piduana wae,” jawab kuring bari nahan hate nu rada mentegeg.
“Nya, kade we, dijaga, sing ati-ati. Ulah sagala kabitaan abongkena keur nyiram,” tuluyna cenah.
“Muhun, Bu,” bari pamitan ngaleos ka beh masjid tukangeun ruang guru.
Kuring sujud curhat ka Nu Kawasa. Neda dipaparin kasehatan, kasalametan, jeung kalancaran kahamilan kuring jeung Si Utun. Kuring ngarasa teu daya teu upaya. Anging Alloh SWT nu nangtoskeun sagalana.
“Atos, Neng Naya, ulah diemutan cariosan Bu Tati tadi, sing yakin moal aya nanaon ka Teteh sareng Si Dedena,” ceuk Bu Uki nu geus kuring anggap lanceuk sorangan.
“Muhun, Teh, hatur nuhun. Teu sawios sih, mung kadang sok hariwang. Mana pun lanceuk saminggon sakali kadieuna, sok asa sararedih we,” ceuk kuring bari nahan cipanon nu geus ngeyembeng.
“Nya, ayeuna mah kantun sabarna. Sing kuat, da Alloh oge moal sambarangan masihan ujian lamun urang teu wasa ngalamannana,” karasa pisan kanyaah Bu Uki ka kuring teh nu matak kuring geus biasa nyebut teteh ka anjeunna.
“Muhun, Teteh, hatur nuhun pisan,” ceuk kuring bari ngarangkul Bu Uki.
Teu karasa kahamilan kuring geus nincak ka dalapan bulan. Kuring geus teu wasa mawa motor sorangan. Sabenernamah tibulan ka genep oge geus dicaram ku salaki jeung nu lain, tapi da kumaha atuh. Kuring resep momotoran, meureun bawaan orok, kitu kuring ngabela diri. Cindekna kuring ngadak-ngadak resep jalan-jalan. Proyek salaki geus beres di luar kota, tapi ayeuna rek kontrak deui di kota kalahiran kuring jeung salaki. Kabeneran atuh. Kuring oge geus lila boga rencana hayang mutasi ka kota kalahiran teh. Komo indung bapa jeung mertua kuring mah satuju pisan.
Ti mimiti awal taun, kuring geus ngajukeun mutasi. Salengkah-salengkah kuring ngajalankeun prosedur mutasi eta nu lumayan geuning persaratanna teh. Tapi alhamdulillah geuning digampilkeun geus puguh nu ngabantuan mah loba. Meureun ieu nu disebut rejeki Si Utun teh.
Pas bulan ka dalapan ieu, kuring ngajukeun cuti rek ngadon ngalahirkeun di imah indung jeung bapa di kampung. Bari ngadagoan proses mutasi, pangajuan cuti ditedunan. Kuring nungguan waktuna ngalahirkeun di kota kalahiran nu matak waas.
Di kota ieu kuring mariksakeun kandungan ka Dokter Vivin, dokter spesialis kandungan nu geulis camperenik jeung resep ngobrol lamun konsultasi teh. Saur Mamah, indung kuring, Dokter Vivin teh keur viral, loba nu mariksakeun kakandungan jeung ngalahirkeun di klinikna. Alhamdulillah, sakali deui kuring ngarasa Alloh nyaah pisan ka kuring.
Tanggal tilu welas kuring nampa surat keputusan ti dinas pendidikan, kuring jadi mutasi. Hiji deui kabagjaan ngadatangan kuring jeung kulawarga. Kuring langsung mere laporan ka sakola asal kuring jeung lapor diri ka sakola anyar. Hadiah deui jang Si Utun.
Tanggal genep welas bada subuh, kuring ngarasa mules. Lila-lila beuki sering. Bada lohor kuring jeung salaki ngajugjug ka klinik Dokter Vivin. Bidan jaga langsung mariksa kuring. Geuning karek pembukaan hiji. Kuring disarankeun balik heula. Lamun mulesna beuki sering jeung tarik, kudu buru-buru datang deui. Kuring kudu loba jalan-jalan jeung posisi sujud, pesen bidan jaga teh.
Balik deui ka imah kuring geus teu puguh cicing. Pagawean leuleumpangan ti teras ka tengah imah, ti tengah imah ka kamar, bari nempoan jam. Cenah mulesna kudu diitung per menitna. Ashar geus kasorang, mulesna asa beuki tarik. Ayeuna kitu rek ngalahirkeun teh, pikir kuring, sing lancar, nya, Tun.
Mamah geus hariwang pisan nempo kuring beuki rumahuh ngarasakeun mules. Bada maghrib, Kang Anash, salaki kuring, geus siaga tukangeun setir. Mawa kuring, Mamah, jeung Apa ka klinik bersalin Dokter Vivin. Moal lila deui Si Utun teh bakal brol ka alam dunya.
Di klinik, kuring kudu sabar nungguan nepi ka pembukaan cukup jang ngalahirkeun. Mamah ngusapan tonggong bari nyabarkeun hate kuring. Kuring nyegruk kana pangkuan Mamah menta ngahampura jeung karidhoanana. Mamah ngarangkul kuring mere kakuatan.
Jam sabelas kuring dibawa ka ruangan bersalin sabab pembukaan geus cukup. Kang Anash maturan bari teu lepas nyekelan ramo kuring.
“Neng kuat nya, sakedap deui Si Utun lahir, pan Eneng tos nganti-nganti lami pisan, kuat nya,” ceuk Kang Anash bari nyium ubun-ubun.
“Alhamdulillah, wah Si Kasep teh hoyong tanggal cantik jigana mah, Bu, hehehe,” ceuk Dokter Vivin bari seuri pas Si Utun brol terus ngoceak jenger.
“Alhamdulillah,” teu sirikna balapan kuring jeung Kang Anash ngucapkeun sukur.
Alhamdulillah Ya Alloh, orok mahal kuring lahir tanggal tujuh belas Juli dua rebu tujuh belas, Anjeun tos maparin rejeki anu teu kaukur. Kabagjaan anu sampurna.
*
Sumedang, 10 Februari 2020
*) Dibukukan dalam antologi carpon Gogoda, 2020